Warta Bahasa Sunda : 1. KRIMINAL
2. KESEHATAN
3. KEWIRAUSAHAAN
Pedaran Bahasa Sunda
:
1. Angklung
2. Sisingaan
1. Warta Kriminal
Geng Motor Nu Ngalakukeun Kriminal Baris
Dibedil Sukuna (Ku Maruta Bayu)
(SundaNews, Bandung) Pulisi mimiti nembongkeun sihungna ku cara nembongkeun
sikep nu tandes dina nyangharepan geng motor anu ngalakukeun tindak kriminal.
Upama aya geng motor anu geus ngageumpeurkeun masarakat, pulisi moal asa-asa
rek ngabekaskeun pelorna, nembak geng motor nu ngalakukeun kriminal.
Hal eta teh ditandeskeun ku Wakapolerestabes Bandung AKBP Awal Chaeruddin
di Mapolrestabes Bandung, Jumaah (25/10/2013). Nurutkeun awal, laku kriminal
geng motor anu ngabahayakeun bakal di lumpuhkeun ku cara di tembak sukuna.
Puguh bae naon rupa anu ketak represif pulisi teh dijalankeun ku alatan aksi
kajahatan di jalan anu ngalinetkeun barandalan geng mnotor beuki
pikahariwangeun jeung ngancam kasalametan masarakat. Ku kituna, ceuk Awal
keneh, anggota pilisi jajaran Polrestabes Bandung moal asa-asa ngabasmi
geng motor anu brutal.
Awal ngarasa yakin yen sikep tepresif anggota pulisi ngalawan geng motor nu
ngabahayakeun masarakat tangtu bakal dirojong ku masarakat. Komo deui lamun
geng motor nu mekel pakarang, piraku teuing pulisi rek cicingeun. Pulisi bakal
nindak kalayan moal asa-asa, sarta siap ngabekaskeun pelor ka geng motor
nu tindakanna geus dianggap kaleuleuwihi.
2. Warta
Kasehatan
PENTINGNA KASEHATAN
(sumberna tina google)
Kasehatan teh penting pisan jang kahirupan
manusa, sabab kasehatan teh nangtukeun pisan kana kagiatan urang sapopoe,
maksadna mun awak urang sehat pasti sagala kagiatan urang bakal lancar, jeung
oge lamun awak urang sehat pasti jiwa urang bakal kuat, pan aya pepatah
“didalam tubuh yang sehat terdapat jiwa yang kuat”. Janten kasehatan teh paktor
penting nu teu bias disampingkeun. Urang wajib jeung kudu miara kasehatan awak,
sangkan ngajalankeun amanat-amanat ti Allah SWT.
Lingkungan sabudeureun urang teh kudu
bersih, lantaran lamun lingkungan sabudeureun urang kotor,bakal jadi sarang
panyakit. Salaen eta kasehatan teh lain ngan ukur kasehatan ti awak urang
wungkul nu kudu di jaga lingkungan sabudeureun oge kudu di jaga, salah sahiji
na nyaeta,ngaayakeun gotong royong ngabersihkeun lingkungan sabudeureun
urang, minimnal saminggu dua kali. Anu di bersihkeun teh bumi sareng jalanan
sabudeureun urang, pan kabersihan teh sabagian dari iman.
Kadaharan sapopoe anu sehat jeung ngandung
vitamin oge penting pisan, lantaran kadaharan anu di dahar ku urang nangtukeun
oge kana kasehatan urang, nyaeta anu nyangkut kana pasualan gizi anu aya di
awak urang , sabab zat gizi teh salah sahiji zat anu dibutuhkeun awak urang,
zat-zat lain nu dibutuhkeun awak urang nyaeta sapertos zat besi, karbohidrat,
vitamin, protein, mineral sareng lemak. Janten kadaharan anu sehat teh penting
pisan keur kasehatan urang.
Balukar anu timbul lamun urang teu ngajaga
kasehatan, nyaeta awak urang bakal katerab panyakit. Jeung lamun urang
teuy ngajaga lingkungan sabudeureun urang, bakal jadi sarang panyakit anu
ngarugikeun urang, sabab ceuk pepatah oge “lebihg baik mencegah dari pada
mengobati”. Janten, urang teh kudu salalu ngajaga lingkungan sabudeureun jeung
awak urang sangkan bersih jrung sehat.
3. Warta
Wirausaha
DISPERINDAG KAB.BANDUNG NGAYAKEUN PASAR
MURAH
(sumberna tina google)
Assalamu’alaikum Wr.Wb Pamirsa, wilujeung patepang deui sareng Faris
Isham Wiryansya, dina acara warta sunda. Warta anu baris anu kapindangkeun nya
eta:
BANDUNG,GWKDISPERINDAG (dinas perindustriaan & perdagangan) kab.
Bandung ngayakeun pasar murah di kompleks perkantoran Pemkab Bandung,
Senen(23/8). Dina eta pasar murah, dijual saniskara produk UKM(usaha kecil
menengah) nurutkeun kadisperindag kab.Bandung Bambang Budiraharjo, pasar murah
ieu ngarupakeun agenda taunan anu bakal dilaksanakeun Disperindag kab.Bandung.
dina pasar murahb ieu, sakabeh produk anu dijual hargana leuwih murah
dibandingkeun di pasar swalayan. Pasar murah dipikaresep warga di kab.Bandung.
sapewrti taun samemehna, muterna duit ngahontal Rp68 juta “peminat pasar murah
ieu lolobana masarakat umum. Persentase ngadongdonna 70% masarakat umum
jeung 30% PNS”. Pamirsa, mung sakitu nu kapihatur, wilujeung patepang deui dina
warta nu Bangkal dongkap, Amit mundur amit mungkur . wassalamu’alaikum.
Pedaran Bahasa Sunda
ANGKLUNG
Angklung nyaeta alat musik tradisional sunda nu dijieun tina awi, di
manenkeun kucara di eundukkeun (awak buku awi na neunggar sarigsig)
sahingga ngahasilekun sora anu ngageter dina susunan nada 2, 3, nepi ka 4 dina
unggal ukuranna, boh nu badang atawa nu leutik. Kalas (nada) nu dipake angklung
tradisional sunda biasana salendro jeung pelog.
Sejarah angklung
Dina kasenian sunda, nu migunakeun alat musik tina awi di antarana angklung jeung calung, awi nu sok di pake alat musik biasana tina awi wulung (awi anu kelirna hideung) jeung awi temen (klir bodas). Sada na kalur tina angklung jeung calung asalna sarua, nyaeta tina solobong awi nu ngalentrung lamun di tabeuh (diadu).
Angklung di pikawanoh ku masyarakat sunda ti jaman kerajaan sunda. Diantarana pikeun ngagedur keun sumanget dina pangperangan. Fungsi angklung pikeun ngahudangkeun sumangeut ieu jadi sebab ieu dicaramana ku pamarentah jajahan Hindia Walanda.
Kasenian angklung kiwari leuwih mekar deui, ku ayana unsure ibing laju jeung kapentingannana, misalna dina upacara ngerak parekan leuit (ngampih pare, Nginabkeun) jeung dina mangsa mitembeyen melak pare (ngaseuk) pan kitu dui dina mangsa panen jeung jeung seren taun, nu ilaharna aya acara arak-arakan nu kadang di bareungan oge ku rengkong jeung dong dang.
Rupa-ripa ngklung salah sahijina :
1. Angklung Konekes
2. Angklung Dogdog Lojor
3. Angklung Gobrag
Sejarah angklung
Dina kasenian sunda, nu migunakeun alat musik tina awi di antarana angklung jeung calung, awi nu sok di pake alat musik biasana tina awi wulung (awi anu kelirna hideung) jeung awi temen (klir bodas). Sada na kalur tina angklung jeung calung asalna sarua, nyaeta tina solobong awi nu ngalentrung lamun di tabeuh (diadu).
Angklung di pikawanoh ku masyarakat sunda ti jaman kerajaan sunda. Diantarana pikeun ngagedur keun sumanget dina pangperangan. Fungsi angklung pikeun ngahudangkeun sumangeut ieu jadi sebab ieu dicaramana ku pamarentah jajahan Hindia Walanda.
Kasenian angklung kiwari leuwih mekar deui, ku ayana unsure ibing laju jeung kapentingannana, misalna dina upacara ngerak parekan leuit (ngampih pare, Nginabkeun) jeung dina mangsa mitembeyen melak pare (ngaseuk) pan kitu dui dina mangsa panen jeung jeung seren taun, nu ilaharna aya acara arak-arakan nu kadang di bareungan oge ku rengkong jeung dong dang.
Rupa-ripa ngklung salah sahijina :
1. Angklung Konekes
2. Angklung Dogdog Lojor
3. Angklung Gobrag
SISINGAAN
Sisingaan mangrupa seni pintonan rahayat has sunda. Euweuh asal pasti,
iraha kasenian ieu di coo pikeun mimiti. Baheula, ngaran sisingaan geus di
pikawanoh masarakat sunda di Jawa Kulon saprak tiheula. Awalna, kasenian ieu
ngan di coo di wewengkon kabupaten Subang, Jawa Kulon. Tapin kiwari, pintonan
sisingaan oge geus ngembang di wewengkon sejen, kawas Kabupaten Bandung,
purwakarta sarta sumedang. Di Kabupaten Subang, sisisngaan di coo lamun aya
acara husus, kawas khitanan massal sarta ngabageakeun semah agung atawa
kanagaraan. Saban bulan agustu, kasenian ieu oge dicoo sabot poe deui warsih
kamerdekaan republik Indonesia. Saban warsih, kasenian ieu oge dicoo sabot
masarakat Subang ngarayakeun poe jadi Kabupaten Subang.
Sabot pintonan sisingaan dicoo, bisa di tempo sawatara buah
boneka sirah singa. Saban boneka eta diteundeun diluhur hiji tandu anu umumna
dijieun ti awi. Sabot sisingaan dicoo pikeun acara khitanan massal, diluhur
saban tandu oge diuk saurang budak lalaki anu baris khitanan. Sarta
sabot pintonan dimimitian, saban tandu eta dipunggu ku opat urang lalaki.
Maranehananamake ikat sirah ti lawon atawa udeng. Teu heran, lamun aya oge anu
nyebutkeun kasenian ieu kalawan ngaran Gotong Singa. Lamun diartikeun, gotong
di cokot ti basa Sunda nyaeta di punggu.
Lantunan sapakakas musik tradisional, kawas kendang, goong, salompet sarta
ketipung jadi musik pangiring sabot pintonan sisingaan dicoo bari leumpang,
suku para pungusung tandu oge nari nuturkeun alunan musik. Sakali-kali,
maranehanana maen atraksi leumpang maju mundur sarta muter.
Biasana, kasenian ieu oge dicoo babrengan kalawan atraksi sejen, kawas
pintonan akrobat sarta pencat silat. Teu tinggaleun, tarian has Sunda, salah
sahiji jaipongan oge di coo sabot aya pintonan sisingaan. Pikeun jadi pamaen sisingaan
teu pisan-pisan gampang. Saban pamaen kudu ngabogaan keterampiran kusus.
No comments:
Post a Comment